MUQODIMAH CERAMAH SUNDA


السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ كَانَ بِعِبَادِهِ خَبِيْرًا بَصِيْرًا، تَبَارَكَ الَّذِيْ جَعَلَ فِي السَّمَاءِ بُرُوْجًا وَجَعَلَ فِيْهَا سِرَاجًا وَقَمَرًا مُنِيْرًا. أَشْهَدُ اَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وأََشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وُرَسُولُهُ الَّذِيْ بَعَثَهُ بِالْحَقِّ بَشِيْرًا وَنَذِيْرًا، وَدَاعِيَا إِلَى الْحَقِّ بِإِذْنِهِ وَسِرَاجًا مُنِيْرًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَيْهِ وَعَلَى آلِهِ
وَصَحْبِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا. أَمَّا بَعْدُ

Bismillah janteun wiwitan, hamdalah janteun muqodimah tawis rasa syukur urang sadayana atas limpahan ni'mat ti pangeran.
Puji anu janteun panghias hati urang sanggakeun ka Allah Robbul Izzati
Puja anu janteun panghias rasa urang sanggakeun ka Allah Azza wa Jalla
Syukur anu janteun mimiti catur urang panjatkeun ka Allah anu maha ghofur, Allah teh ibu mikaresep kajalmi anu rajin syukur, mikangewa kajalmi anu tukang kufur, Allah oge anu nyiptakeun jelema timimiti orang kota nepikeun ka urang lembur. sok sanaos pak Mansyut tukang bubur nyi Enur anu gede bujur..pasti sadayana oge bakal lebet ka alam kubur. Atuh ku kituna sim abdi seja mitutur dina dina acara ieu tasyakur, mudahah-mudahan sadayana sing tiasa akur sinareng pituturna para Rasul..Aamiiin Ya Allah Ya Robbal A'lamiiiin
Salajengna dulur ilmu lir cakrana dada panampakan batining hening rasa katineng parantos eunteup dina manah bagja kuanjangan datang, atuh kukituna urang rabut kapuhu urang papay ka akar urang nyucruk jalur pitutur sepuh kapungkur urang mapay-mapay lacak tapak langkahna kolot baheula para alimil ulama, sok sanaos bari kaayaan paduka Rasulullah parantos tuus pupus parantos laas wafat, akan tetapi pusaka sinareng titinggalna Al-Qur'an miwah Hadistna anu ngajanteunkeun pituduh rahayuning hirup manusa ana tara daekeun kapicengceum jadi lembek kajeduk ka kewang ewuh kakoncara kajana pria kajamparing ka angin- angin, malah mandar sohor kabogor, reang kakarawang, uyur-uyur sacianjur nepikeun ka lembur-lembur, eyar-eyar sajakarta nepikeun ka desa-desa malah mandar jadi sabiwir hiji. Atuh kukituna Rahmat miwah salamna urang sanjungken ka mustikaning alam anu janteun nabi akhiruz zaman anu bakal nyafaatan kasetiak insan anu beriman, hiji nabi anu depe-depe, handap asor, daekan, lekeunan, daek nulung kanu bingung daek nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu labuh, ngajait kanu titeuleum, mere kanu butuh, nyaangan kanu poekeun. 
Hiji Nabi anu pinuh ku pengaweruh, jembar kupanalar, masagi ku pangarti anu hirupna pinuh kurasa mandiri..Habibana..wanabiyana..wamaulana Muhammad saw. teu kakantun kapara keluargina, para sahabatna, para tabi'in sareng tabiatna, nyakitu deui kapara umatna anu nyucruk jalur kana ajaran manteunna, anu mudah-mudahan urang sadayana ngahasilkeun kana syafaa'tul udzmana engkin diyaumil qiyamah..Aamiiin 
Labels: Ceramah

Thanks for reading MUQODIMAH CERAMAH SUNDA. Please share...!

2 komentar on MUQODIMAH CERAMAH SUNDA

Back To Top