1.
Alam Ahadiyat huruf Al
2.
Alam Wahdat huruf lah
3.
Alam Wahidiyat huruf Mu
4.
Alam Arwah huruf ham
5.
Alam Ajsam huruf mad
6.
Alam Misal huruf A
7.
Alam Insan Kamil huruf dam
Buktina alam dunya ge eusina ngan tujuh poe,
hakekatna nyaeta alam nu kasebat diluhur, tegesna alam tujuh teh lalakon
Allah-Muhammad-Adam, ku sabab eta wajib dikanyahokeunnana ku sarerea. Upama
urang arek nyusul kana asal. Sabab lamun teu dikanyahokeun ti ayeuna
jalan-jalanna jeung barang-barangna, atuh tangtu bakal sasab, moal bisa balik
deui kana asal, sabab teu kapanggih deui jeung jalanna waktu tadi turun-turunna
ti Akherat ka alam dunya.
Ayeuna eta martabat alam tujuh teh, ku jisim kuring
rek diterangkeun sarta make ibarat kalawan dibuktikeun ku gambar, supaya
gampang dihartoskeunnana.
Gambar Martabat Alam Tujuh
Tafsirna
A. Nyaeta alam Ahadiyat, martabat nu Maha Suci,
dalilna Dzat Laisa Kamishlihi, hartina dzat anu teu aya upama.
Bakat kumaha atuh matak teu beunang diupamakeun?
Naha bakating ku kawasana? Atawa bakating ku agungna? Atawa bakating ku
hiji-hijina?
Upama bakating ku kawasa, na kapan dina zaman eta
mah teu acan aya dadamelannana, karana ngaran kawasa teh kudu bukti heula nu
didamelna. Kapan dina dina alam Ahadiyat mah sumawona manusa, Akherat jeung
alam dunya ge tacan aya.
Upama bakating ku agungna, da tacan aya nu hina
dina di alam Ahadiyat mah, karana aya basa agung teh saenggeusna aya anu hina.
Upama bakating ku hiji-hijina, da kapan teu acan
aya dua zaman eta mah, sabab ari hiji teh saenggeusna aya nu loba.
Kumaha atuh pihartieunnana? Supaya eta dalil Dzat
laisa kamishlihi teh jadi uni? Kieu upama mufakat mah. Nu matak alam Ahadiyat
disebut dalil Dzat laisa kamishlihi, hartina dzat anu teu aya upama, sategesna
nyaeta bakating ku suci, hartina beresih teu aya sifat-sifat acan sumawonna
jenengannana. Naha rek diupamakeun jeung naon upama teu aya sifatna? Sabab
disaksian deui ku dalil nu Maha Suci teh Bilaa Haifin, hartina teu warna teu
rupa, teu beureum teu hideung, teu poek teu caang, Bilaa Makanin, hartina teu
arah teu engon, teu di kulon teu di wetan, teu di kaler teu di kidul, teu di
luhur teu di handap, tah kitu katerangannana, nu matak nu Maha Suci teu beunang
diupama-upama, sumawonna di engon-engon, dituduh diditu didieu, lantaran kaburu
lain sabab kahalangan ku bukti.
B. Alam Wahdzat martabat sifatna nu Maha Suci. Jadi
dina alam Wahdzat mah nu Dzat Laisa teh jadi Dzat Sifat, rupana caang padang,
nyaeta nu kasebut Jauhar Awwal. Jauhar hartina Cahya, Awwal hartina mimiti.
Jadi nya eta nu pangheula-heulana aya samemeh Bumi jeung Langit, sumawonna
manusa. Tah eta Johar Awal teh nu kasebut hakekat Muhammad tea, kapan ceuk
Hadist oge Muhamad teh awal-awalna pisan, sabab Johar Awal teh Nur, tegesna
cahyana nu Maha Suci. Malah ceuk para Wali mah Sagara Hirup atawa Sajatining
Syahadat, karana gulungna Dzat jeung Sifat atawa Allah jeung Muhammad dina
hakekat.
C. Alam Wahidiyat, martabat Asmana nu Maha Suci,
kajadian tina Jauhar Awwal alam Wahdzat tadi bijil deui sorotna jadi cahaya
opat rupa nyaeta
·
Narun cahya Beureum
·
Hawaun cahya Koneng
·
Maun cahya Bodas
·
Turobun cahya Hideung
Jadi eta cahya anu opat perkara teh, nu disebut Nur
Muhammad, ari Muhammadna mah di Johar Awal, barang eta Nur Muhammad cahya opat
perkara teh. Disebutna Hakekat Adam, nyaeta Asmana nu Maha Suci.
·
Cahya nu beureum hakekatna lafad Alif
·
Cahya nu Koneng hakekatna lafad Lam Awal
·
Cahya nu Bodas hakekatna lafad Lam Akhir
·
Cahya nu Hideung hakekatna lafad He
·
Jauhar Awwal jadi hakekatna lafad Tasjid
Sare’atna jadi lafad Allah, jadi eta cahya nu
kasebut di luhur teh, nu ngajadikeun bibit tujuh Bumi tujuh Langit sarawuh
eusina kabeh, sanajan Agama oge ti dinya bae.
·
Ayana Syahadat nyaeta ku ayana Johar Awal
·
Ayana Sholat nyaeta ku ayana Cahya Beureum
·
Ayana Zakat nyaeta ku ayana Cahya Koneng
·
Ayana Puasa nyaeta ku ayana Cahya Bodas
·
Ayana Munggah Haji nyaeta ku ayana Cahya Hideung
Sanajan waktu oge aya 5 waktu
·
Shubuh bagian Nabi Adam
·
Lohor bagian Nabi Nuh
·
Asyar bagian Nabi Ibrahim
·
Maghrib bagian Nabi Musa
·
Isya bagian Nabi Isya
Pertingkahna Sembahiyang oge 5 perkara
·
Nangtung
·
Takbiratul Ikhram
·
Ruku
·
Sujud
·
Lungguh
Sahabat oge aya 4 ka 5 Kangjeng Nabi
·
Sahabat Abu Bakar Ash-Sihidiq
·
Sahabat Umar bin Khatab
·
Sahabat Usman bin Affan
·
Sahabat Ali bin Abi Thalib
·
Kangjeng Rasulullah
Di Mekah aya Imam 4 ka 5 Baitullah
·
Iman Syafi’i
·
Imam Hanafi
·
Imam Hambali
·
Imam Maliki
·
Baitullah
Tah gening sidik kabeh oge tina Asmana Allah,
Hakekatna nyaeta Nur Muhammad, cahya 4 perkara kalima Jauhar Awwal.
D. Alam Arwah, martabat Af’alna nu Maha Suci,
nyaeta Af’alna Allah ta’ala ngajadikeun ieu alam dunya. Kieu ceuk ilmu akal mah
ngadamelna teh.
Ibarat dina Bioskop mah nyaeta Istijradna bangsa
Walanda, alam Wahdat nyaeta Johar Awal teh lir ibarat listrikna, ari Nur
Muhammad Alam
Wahidiat ibarat kacana.
·
Narun teh ibarat Kaca Beureum
·
Hawaun teh ibarat Kaca Koneng
·
Maun teh ibarat Kaca Bodas
·
Turobun teh ibarat Kaca Hideung
Barang eta kaca anu opat rupa disorot ku Johar
Awal, kajadian bijil kalangkangna.
·
Tina Kaca Beureum jadi Seuneu Alam Dunya
·
Tina Kaca Koneng jadi Angin Alam Dunya
·
Tina Kaca Bodas jadi Cai Alam Dunya
·
Tina Kaca Hideung jadi Bumi Alam Dunya
Ku kawasa-kawasa Allah ta’ala bleg bae jadi ieu
alam dunya, nyaeta Jagat Kabir, jadi sategesna alam dunya teh kajadian tina Nur
Muhammad.
E. Alam Ajsam, martabat manusa. Sanggeusna ngadeg
ieu alam dunya, Gusti nu Maha Suci bade ngersakeun deui nyitakeun alam majaji,
terus nimbalan Malaikat, miwarang turun ka alam dunya, kudu nyokot aci seuneu,
aci angin, aci cai, aci bumi. Gancangna geus beunang eta aci-aci nu opat
perkara teh terus didamel.
·
Aci Bumi kajadian kulit bulu Adam
·
Aci Seuneu kajadian Getih daging Adam
·
Aci Cai kajadian urat balung Adam
·
Aci Angin kajadian otot sungsum Adam
Ku kawasana Allah ta’ala, jleg bae jadi dalil
Muhammad, Mim-He-Mim-Dal, nyaeta :
·
Cahya nu hideung jadi hakekat lafad Mim Awal
·
Cahya nu Bodas jadi hakekat lafad He
·
Cahya nu Koneng jadi hakekat lafad Mim Akhir
·
Cahya nu Beureum jadi hakekat lafad Dal
·
Johar Awal jadi hakekat lafad Tasjid
Sare’atna nya jadi lafad Muhammad atawa sabalikna
tina lafad Allah.
·
Mim Awal lafad Muhammad sategesna Sirah
·
He lafad Muhammad sategesna Dada
·
Mim A
·
Dal lafad Muhammad sategesna Suku
Tapi teu acan bisa usik malik, ngagoler saperti
Golek, gancang terus diliangan opat liang, nyaeta di Panonan, di Cepilan, di
Pangambungan, di Bahaman. Terus eta liang diasupan ku sorotna Nur Muhammad,
kajadian bisa usik malik eta Adam atawa Jagat Shagir teh. Jadi sidik pisan
ayeuna oge hirupna manusa teh sare’atna ku ayana cahya, kitu deui maotna manusa
teh ku teu ayana cahya. Samangsa-mangsa geus teu aya cahyana Si Jasad atawa
Jagat Shagir, geus teu aya kakuatannana, buktina gancang buruk.
Kitu deui ieu oge Jagat Kabir, nyaeta alam dunya
pang kuatna teh, ku diangliputi ku sorotna Nur Muhammad, jadi moal salah deui
engke oge kiamatna ieu Jagat Kabir (alam dunya) saperti manusa (Jagat Shagir)
bae, dicandak deui cahyana, nyaeta Panonpoe Bulan Bentang, tangtu bae ieu alam
dunya ruksak, atuh tinggal naonna? Tina Bumi tinggal poekna, Seuneu tinggal
panasna, Cai tinggal tiisna, Angin tinggal hawana.
Saha anu bakal nyicingan eta Naraka? Teu aya deui
anu bakal nyicingan teh nyaeta Idajil La’natullah tea, sakanca-kancana sakur
nyawa manusa anu henteu barisa balik deui ka Allah ta’ala. Sabab keur di
dunyana beunang ku panggoda Setan, lantaran teu Iman ka Allah ka Rasulullah.
Karana eta Idajil teh, tadina mah Malaikat
kakasihna Allah ta’ala. Pangna dibendon ku Allah ta’ala, lantaran samemeh aya
Adam, dipiwarang ngeusian ieu alam dunya, tapi dijangjianna lilana di alam
dunya ngan sarebu taun. Ku sabab Malaikat Idajil ngarasa betah di alam dunya,
teu hayangaeun deui balik ka Sawarga nepi ka tilu rebu taun, tah didinya
mimitina dibendonna ku Allah ta’ala, jadi geus teu meunang balik deui ka
Sawarga, kudu tetep di alam dunya bae.
Tapi engke bakal ditetepkeun dina dasar Naraka
sanggeus kiamatna ieu alam dunya, bakating ku bedegongna sang Idajil, manehna
sanggup bae tapi nyuhunkeun idin rek ngagoda ka anak putu Adam, pibatureun
manehna di Naraka. Gusti Allah ngidinan, hade tapi saha-saha anu teu Iman ka
Aing jeung ka Rasulullah.
Ayeuna rek malikan deui pasal Adam, tadi diluhur ku
jisim kuring geus dicaritakeun, anu didamel Adam majaji teh, tina acina seuneu,
angin, cai, bumi, bilih bae anu ngaos sareng anu ngadangukeun ieu kitab nyangka
saperti seuneu, angin, cai, bumi teh diperes saperti nyieun aci sampeu,
saenyana lain kitu.
Jadi anu kasebut aci seuneu, angin, cai, bumi teh
buktina nyaeta sakur anu jaradi dina teneuh, saperti tatangkalana nu gede anu
leutik, karana kapan sidik bisana ngagedean tatangkalan teh ku opat perkara.
Hiji ku cicing dina taneuh, dua kudu kacaian, tilu
kudu kaanginan, opat kudu kapanasan, cacakan karek ku kahieuman oge gening tara
jadi buah.
Jadi ku sabab eta tatangkalan lila cicingna di
bumi, lila kacaiannana, lila kaanginannana, lila kapanasannana. Jadi eta hawana
asup kana tatangkalan, sanggeus gede tangkalna, nya terus bijil buahna, tah eta
bubuahan teh bakating wujud Adam, sanajan urang oge asal ti dinya bae, ngan
bedana Adam mah didamel ku Allah ta’ala barang kadieuna mah saenggeusna aya
Adam jeung Babu Hawa, atawa Idung Bapa urang, bubuahan teh didahar heula nya
kajadian aya Wadzi, Madzi, Mani, Maningkem.
Barang eta Wadi, Madi, Mani, Maningkem tepung,
tegesna kontak jeung sorotna Nur Muhammad cahya nu opat perkara tea, nya
kajadian kempel ngajadi Jabang Bayi di jero beuteung Indung.
Ari nu teu jadi mah nyaeta anu teu kontak, tegesna
henteu tepung jeung Nur Muhammad (Roh). Sabab tadi ge Allah ta’ala teh wenang,
wenang ngajadikeunnana jeung wenang teu ngajadikeunnana. Manusa mah teu aya kakawasaan ngan ukur
jadi lantaran pikeun ngajadikeun piwadaheunnana Roh bae, nyaeta tina sakur anu
dituang, karana Indung Bapa urang upama teu barang tuang moal kajadian aya
cimanina.
Kala waktu orok dijero beuteung teu acan aya
nyawana, ngan kakara aya hirup wungkul, nyaeta roh suci tea, numatak teu acan
aya rasa naon-naon barang gubrag kaluar.
Roh suci kontak, hartina tepung jeung hawa ieu alam
dunya. Nyaeta hawana tina bumi, seuneu, cai, angin. Nya kajadian eta orok aya
nafasna atawa sifatna nyawa.
Hakekatna nyawa nyaeta rasa jasmani, dina waktu eta
panon buncelik teu acan aya awasna, ceuli molongo teu acan aya dengena, irung
teu acan aya angseuna, sungut teu acan bisa nyarita ngan karek aya sorana bae.
Barang geus dibere barang dahar nyaeta cisusu atawa
daharan naon bae, nyaeta tina acina bumi seuneu, cai jeung angin, jadi eta aci
nu opat perkara teh kajadian deui acina, nyaeta ngajadi getih opat perkara nu
disebut Roh Jasmani, tuluy eta getih surup sinurup.
Getih hideung kajadian tina aci bumi sumurup kana
kulit, nya ngarubakan kulitna orok. Hawana kaluar bijilna kana baham, watekna
bisa ngomong.
Getih nu beureum kajadian tina aci seuneu, sumurup
kana daging, nya ngagedean dagingna orok. Hawana kaluar bijilna kana ceuli,
watekna bisa ngadenge.
Getih nu bodas kajadian tina aci cai, sumurup kana
tulang, nya ngagedean tulang (balung) orok. Hawana kaluar bijil kana panon
watekna bisa ningali aya awasna.
Getih anu koneng kajadian tina aci angin, sumurup
kana sungsum nya ngalobaan sungsumna orok. Hawana kaluar bijil kana irung
watekna bisa ngambeu.
Sanggeusna eta orok geus rubak kulitna gede
dagingna, gede tulangna loba sungsumna, kaluar deui hawana nyaeta nafsu opat
perkara, Amarah-Lowamah-Sawiyah-Mutmainnah, nyaeta buktina sagala kahayang anu
hade anu goreng.
Tuh gening bukti ngagedeannana jasad teh, sanajan
tanaga pikiran, akal sumawona paningal, pangrungu, pangucap, pangangseu, teu
aya deui anging ku pitulungna roh Seuneu Cai Angin Bumi. Naon sababna pang
nulung kitu teh? Teu aya deui pang kajadian sagala ti dinya teh, supaya eta
parabot-parabot teh kudu digunakeun dipake parabot ibadah jeung kudu dipake
parabot keur nyieun jalan pikeun nganyahokeun ka asalna, nyaeta ka Allah supaya
manehna kabawa sampurna, tegesna kabawa balik deui ka Allah, karana anging
manusa anu katetepan Agama, manusa anu katetepan Elmu, anu bakal bisa
nyampurnakeun roh-roh saalam dunya kabeh oge pada arasup ka manusa.
Sumawonna rohna Bumi Seuneu Cai Angin eta mah
sapopoena, sanajan roh-rohna hewan nu halal nu haram nu bersih nu najis, eta
sakabeh oge pada arasup bae ka manusa.
Kieu jalan-jalanna, saperti bangsa tatangkalan
(kai) bener sare’atna mah teu didahar ku manusa, tapi kapan sok dipake nyuluhan
sangu atawa naon bae tangtu eta rohna asup kana sangu. Numatak jadi beda rasana
waktu tadi keur beas keneh jeung geus jadi sangu. Kitu deui bangsa hewan anu
haram anu najis oge milu arasup bae, puguh ari jinisna mah teu didahar, tapi
upama Anjing Babi paeh di cai tangtu bangkena dihakan ku lauk cai, lauk cai
asup deui ka manusa, jadi sidik manusa teh jadi cukang keur mareuntas roh-roh
sa alam dunya balik deui ka Allah ta’ala.
Ku sabab eta sidik Gusti Allah mah suci tetep teu
nyiksa teu ngaganjar, sateges-tegesna anu bakal nyiksa teh, nyaeta roh-roh tina
sagala rupa anu geus asup ka manusa, ku lantaran teu dibawa balik deui ka Allah
ta’ala. Rohna seuneu bakal jadi Naraka Panas, rohna cai engke bakal jadi Naraka
Tiis, rohna bumi engke bakal jadi Naraka Poek, rohna hewan engke bakal
nyeureudan atawa ngegelan kana nyawana manusa.
F. Alam Misal, martabat elmu, saha-saha manusa di
dunyana geus ma’rifat kana asal wujudna, nyaeta Sagara Adam (C) tadi, eta
elmuna geus tepi kana pangkatna Misal, hartina geus nyaho kana asal nyaeta
sifatna cahya beureum koneng bodas hideung, engke dina maotna bakal asup ka
Sawarga, tegesna dina kani’matan anu teu aya babandingannana sarta langgeng teu
aya putusna.
G. Alam Insan Kamil, martabat kasampurnaan.
Samangsa-mangsa manusa di dunyana geus bisa ma’rifat kana sifatna Allah ta’ala
nu kasebut Johar Awal tea, atawa alam Wahdat (B) tadi, elmuna geus tepi kana
pangkat Insan Kamil hartina Manusa Sampurna, engke dina maotna bakal jatoh kana
pangkat Kamil Mukamil, hartina sarupaning sampurna, beak rasana, beak
jasmanina, jadi Dzat Laesa Kamishlihi deui, saperti tadi samemeh urang turun ka
alam dunya.
TAMAT
*) Dina ieu kitab nerangkeun Rukun Iman mung
diterangkeun anu kagenepna wungkul. Upami palay uninga nu langkung terang kana
hiji-hijina, Rukun Agama, Rukun Islam, Rukun Iman, kedah ngaos Layang
Muslimin-Muslimat jilid I-II-III-IV. Kitab Ma’rifat.
Labels:
TAUHID
Thanks for reading PENGAJIAN TAUHID SUNDA BAG-6. Please share...!

0 Komentar untuk "PENGAJIAN TAUHID SUNDA BAG-6"